Header Ads

Breaking News
recent

Cep Beben: "Kuring Paling Kasep Saalam Dunia.. Lain"



Wawancara teh dilakukeun di apartemen Cep Beben nu aya di Cicenang Superblok.  Harita Cep Beben karek beres ngabedahkeun kolam renang. Lumayan katingali meunang lauk loba, sarupaning beunteur, betok, nila, mujaer, bogor, jeung buruy aya dua baskom mah.

Damang juragan?
Cageur atuh. Mun keur teu cageur mah uing ayeuna keur aya di RSJ. Eta geura, juragan-juragan nanahaon. Teu apal juragan hartina?

Naon tah?
Bujur maruragan. Eh... pangesto ketang. Ieu keur nyantey we. Kabeneran lauk geus alaeun.

Sok kamana karep nya. Lain, ari Akang teh teroris atawa intel? Mani mindeng sok ganti-ganti rupa. Kamari Syeh Beben, kamarina deui Cep Beben Bandar Bangkong. Ayeuna malah akun boga dua. Ku naon?
Kumaha uing we. Uing mah da beungeut sasampayan. Rek jadi nanaon ge pantes. Kamari ge panan kapilih diajak maen pilem di Hollywood. Maen jeung Joe Taslim.

Nu mobil babalapan teu? Fast... Fast naon kitu judulna teh?
Fast and Purunyus 6. Kabagean jadi stuntman. Kuring kabagean ngadorong setum jeung beko.

Pamaen pilem atawa tukang dongkrak eta teh? Lain, geus islah jeung Jang Ajoy?
Hahahaha. Ajoy Kinderjoy? Cadu kudu damai jeung si eta mah. Si Pinky Boy mah musuh gerot salilana. Bongan tuda...

Bongan naon?
Bongan manehna wani ngaheureuyan gebetan uing.

Saha?
Amih Ade. Ari pek sial euy. Amih Ade geus jadi jeung Cak Gu. Aya bahan ayeuna mah nambah lawan teh: Cak Gu. Teuing make pelet naon si eta bet bisa nyalip ti kenca. Amih Ade jol kapengpeongan. Moal kitu make pelet lauk mah? Ah, maenya Amih Ade disaruakeun jeung lauk koki mah?

Hayang apal naon sababna Amih Ade kaedanan ku Cak Gu?
Naon tah?

Cak Gu mah panan sok pangmeulikeun sendal Crocs keur Amih Ade. Mahogi satadina mah meureun. Naha bet bisa lasut atuh?
Oooh. Eta. Kuring kalah start atuh ari kitu mah. Amih Ade geus pangmeulikeun sapatu kaca nako. Beu! Cak Gu bisaan euy kana karesep Amih Ade mah apal we.

Bisnis naon ayeuna yeuh?
Ayeuna mah keur bisnis ieu we nyieunan knalpot delman. Kabeneran resep kana urusan perlengkapan transportasi. Keur nyieun penemuan anyar. Rek nyieun odong-odong nu make NOS!

Edan, kumaha ngabelenyengna eta odong-odong?
Paduli ah. Da lain uing ieu nu numpakanna. Urang testdrive ka Jang Agusti Putrasanjaya. Si eta mah cenah jago ngaboseh odong-odong ti Betawi ka Cirebon ge. 

Resep nya hirup loba duit mah. Eta duit di lomari meni boga satumpukkan kitu?
Ah, eta mah receh atuh. Aslina mah itu aya di goah. Naon sih duit? Ampir unggal peuting uing mah mondok di hotel. Ngadon nyoeh-nyoehkeun duit. Ceuk batur BBM naek matak ripuh, keur kuring mah... cingir! BBM rek 2 juta saleter ge teu paduli. Da uing mah bisa meuli jeung SPBU-na. 

Edun euy. Beda ari milyarder mah. Acan tina bisnis bangkong nya?
Enya. Bisnis bangkong keur ceuyah ayeuna mah. Loba nu neangan bibit bangkong kawin silang antara bangkong bagedod jeung bangkong angora. Nu leuwih hade, bangkong bangkok kawin silang jeung si Erene! Lumayan eta mah, hiji bibitna bisa laku dijokul 250 rebu.

Kumaha tipsna eta bisa meunang duit jiga meunang ngarawu kitu?
Ah.. biasa. Asal rajin ngajaga lilin, ngajaga bagong. Jeung tong poho wadal?

Hah?!! Wadal. Maksudna?
Enya wadal. Matak di dinya ayeuna salah poe ieu nganjang ke teun uing teh. Ayeuna waktuna mere wadal. Jadi, moal bisa balik deui ka imah. Ok? Ke urang ngamiskol heula siluman Mbah Jambrongna.

Nu baleg atuh euy. Ma enya uing rek diwadalkeun sakitu kasepna kieu?
Meunggeus tong loba omong. Keun, da ngan sakali ieuh moal nyeri diwadalkeunna.

Heueuh da dijeksi dokter. Disuntik mah bisa hudang deui. Ari diwadalkeun?
Eeeh... diwadalkeunna ge beda ieu mah. Ngan disedot kakasepna!

Sugan teh. Teu nanaon atuh ari disedot kasepna wungkul mah. Anggap we sodaqoh keur di dinya.
Puguh. Cik atuh bagi-bagi kasep teh. Uing keur ngumpulkeun jelema kasep. Kabeh energi kasepna rek dikumpulkeun sina ngumpul di uing. Lumayan, mun bisa ngumpulkeun kakasepan 5 urang, uing ku Mbah Jambrong dibere bonus Sosis Sonais.

Menta atuh kasepna ka Hansip?
Hese si eta mah. Kasepna teu bisa disedot. Jeung geuleuh ka si Hansip mah, apal wae uing rek ngawadalkeun teh. Isuk mah rek nyoba ngawadalkeun Agus Yayan. Cenah manehna pangkasepna sapasar Majalaya? Bener kitu?

Teuing atuh! Naha jiga nu ngenes kitu ka nu kasep teh? Cita-cita ti leuleutik nya hayang kasep teh? Tapi teu kahontal?
Puguh eta. Hayang ngasaan we kumaha jadi jelema kasep. 

Lain jadi pangeran kodok atuh? Engke dicium ku putri geulis, terus ngajanggelek jadi Pangeran Tampan?
Enggeus eta oge. Nu nyiumna lain putri geulis, kadon ku si Ajoy. Atuh uing dikutuk jadi Pangeran Kokodok nepi ayeuna. Matakna uing kapaksa bisnis ternak bangkong ge... eta teh kutukan!

 

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.