Tepung Lawung Warga Rancabanyol, Minggu, 23 Juni 2013
Lamun rek disebut aya istilah "angkatan anyar" unggal tepung lawung warga Rancabanyol meureun bisa oge. Da memang, satiap aya acara riungan sok aya wae warga anyar nu ngahaja datang miluan kopdar alias kopi darat. Saperti kamari poe Minggu, 23 Juni 2013 basa rengrengan warga Rancabanyol ngayakeun riung mungpulung di RM Ampera Jalan Rancabolang, Bandung. Najan di Bandung keur aya pilkada pemilihan wali kota anyar, tap nu daratang mah alhamdulillah leuwih ti 50 urang. Jeung lolobana nu alanyar nu salila ieu sok gogonjakan di group Facebook Banyolan Sunda.


Ari ti Bandung mah nu datang teh tos puguh loba pisan. Aya Camat Rancabanyol, Wira Hidayat nu turun ti Lembang. Oge nu lainna: Kang Undang Solihin, Ki Ubbay, Lurah Iwan Bagjasalawasna, Humas Rancabanyol, Irfan Arifuddin, Cep Beben, Erene Net, Agus Yayan, Amih Ade, Kang Roens, Ivan, Bu Dedeh Rukmaya, Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, Nyi Iroh, Dedi Sobari Akung, Gan Aham, Kang Dedi, Mang Ujang, Andiana, Murangkalih Alit, Taufik Kipow, Kang Agus Saefudin, jrrd.
Acara mah biasa we aya sesi perkenalan. Kabeneran ti mimiti daratang nepi bubaran teu weleh akey-akeyan. Kabiasaan silihkekeak di Facebook teh kababawa wae geuning nepi di alam nyata. Jadi jelas, di Rancabanyol mah watek asli bareuki heureuy teh teu beda jauh antara babaledogan status atawa komen jeung cara ngobrol dina kahirupan sapo-poe. Pantes we mun di group Banyolan Sunda teu weleh silihtembak ku komen teh. Malah, nepi aya "ospek" sagala. Saperti Jang Ajoy nu ngadadak sawan pas dikekeak ku baraya.
Pokona mah, RM Ampera Rancabolang dina poe Minggu eta asa nu sorangan we. Nepi nu keur dalahar di saung lain mah pada marelongkeun. Teu jarang maranehna milu "lalajo" bari milu seuri. Malah nepi aya budak tikunclung sagala kana balong nu aya di handapeun warung. Nu paling lucu mah pas nu tiap nu datang pasti dipelongkeun ku kabehan. Manehna jiga nu bingung, sasalaman tapi teu apal ngaran jeung rupa (da teu kabeh foto profil Facebook make foto asli). Atuh kapaksa kudu ditataan hiji-hiji. Jiga Ceuceu Isma nu nganggap Gan Aham sieun ucing, padahal Ki Ubbay nu sieun ucing mah. Gan Aham mah puguh resepna ka ucing. Atuh jadi salah objek rek ngajailan teh. Amih Ade nu sok "ditandemkeun" jeung Cak Gu Rancabanyol di Facebook, katingali asa guligah. Da pasangan virtualna teu jebul-jebul nepi balik ge.
Tah, intina mah ka baraya nu can pernah milu riung mungpulung, tong hariwang. Da di Banyolan Sunda mah nu geus apal patepung di dunya nyata mah sok asa jadi dulur. Biasana, baraya nu geus paamprok jonghok engkena sok dituluykeun silih-add di Facebook. Atuh heureuyna ge kadituna mah sok asa teu ragab deui lamun geus bener panggih mah. Malah deui, sok aya "tindak lanjut", duka eta mah rek usaha bareng, neangan jodo, atawa jadi sobat. Nu pasti mah di Banyolan Sunda, sing saha wae nu resep kana banyol tur niatna manjangkeun tali silaturahmi kabuka pisan. Da tujuanna, urang Sunda nu ciri khasna resep banyol, eta banyol teh bisa jadi media pikeun ngaraketkeun tali mimitran. Tong nepikeun banyol teh ngan saliwat. Da konsepna ge banyol, lain humor. Ari ngabanyol mah leuwih identik jeung dina basa verbal di kahirupan nyata. Matakna tong aneh mun aya istilah lembur Rancabanyol, kajeun panggih di alam virtual tapi bisa dihijikeun di alam nyata oge saperti kieu. Kitu oge mun "tetembakan" komen bisa dibedakeun cara komunikasi baraya antara nu geus paamprok jonghok di alam nyata jeung baraya nu ngan saliwat wungkul komentar di group Facebook.
Tidak ada komentar: