Header Ads

Breaking News
recent

Maestro Dongeng Sunda Nyaeta Wa Kepoh



Si Rawing, dongeng Sunda di taun 80-an mah kantos booming di radio-radio. Si Rawing, tokoh pendekar silat nu didongengkeun Wa Kepoh alias Ahmad Sutisna Kamal. Ieu dongeng pangarangna Kang Yat R. Harita mah memang jarang pisan hiburan teh, iwal ti radio atawa TVRI. Di radio harita nuju usum carita-carita dongeng. Salain Wa Kepoh, aya oge Mang Barna. Panginten baraya ge kantos ngalaman kumaha kawentarna dongeng si Rawing basa jaman harita. Radio transistor jaman harita mah ibarat HP di jaman ayeuna. Batu batre oge laku pisan. Malah teu jarang sok aya kabiasaan moe batre dina suhunan. Da eta sieun si Rawing katinggaleun. Mending keneh nahan teu ngadangukeun acara lain, tapi waktuna dongeng si Rawing ngajomantara tiasa manco hareupeun radio. Dongeng si Rawing ieu sumebar oge ka kota-kota lain.


Tah, bakat ku panasaran, sababaraha urang Baraya Banyolan Sunda nganjang ka bumina Wa Kepoh nu aya di wewengkon Antapani. Sateuacan anjog ka bumina Wa Kepoh, rada kukurilingan oge milarian bumina Wa Kepoh, da geuning aya di Antapani beh pengker caket ka Arcamanik. Wa Kepoh di korsi roda, "kenging stroke puguh ieu teh, Kang!" saur Wa Kepoh. Namung, pas ngadongengkeun kumaha kapungkur ramena dongeng si Rawing mah energina bijil deui.


Saur Wa Kepoh, anjeunna mah diajar ngadongeng teh estu otodidak pisan. Taun 60-an anjeunna sok iseng ngadongeng nurutan dalang kalayan nyoba ngarobih-robih sora. Dugi anjeunna tiasa gaduh kaahlian ngarobih-robih disaluyukeun sareng tokoh dongeng. "Ieu mah tos anugerah ti Allah Swt. Panginten jalan Uwa mah kedah na dunya hiburan. Namung Uwa mah ngagunakeun dongeng teh saleresana kanggo media da'wah," kitu saur Wa Kepoh. Sapertos na Si Rawing, anjeunna kadang sok nyelapkeun unsur-unsur da'wah dina dongengna. Memang kadang waktos ngadongeng di studio teh teu jarang sok aya improvisasi demi manjangkeun carita. Namung tetep eta improvisasi teu kaluar tina jalan carita.

"Kapungkur mah, pami nuju ngadongeng di studio teh... eta penggemar si Rawing dugi ka ngaronyok. Sapertos nuju show we unggal Uwa ngadongeng teh!" kitu saur Wa Kepoh. Malah mah anjeunna jaman harita teu dugi murudul sponsor, khususna sponsor ti pabrik obat. Mung sponsor hoyongna eusi iklan teh kedah didamel ku Wa Kepoh nyalira. Wa Kepoh akhirna ngadamel iklan audio versi anjeunna. Dugi ka katelah "Recok...recok...recok!" atanapi bersinna Nyi Ikem. Malah mah pami ayeuna unggal iklan obat sok aya wawaran: "Jika sakit berlanjut, hubungi dokter!" saleresna eta kapungkur asalna ti Wa Kepoh nu dina tungtung iklan teh sok diwawaran ku: "Lamun gering kateterusan, geuwat tepungan dokter!" Saur Wa Kepoh ieu salah sahiji bentuk tanggung jawab ka masyarakat yeh nu namina kasakit mah teu tiasa ngagantungkeun ka obat warung wungkul. Aya bagean profesi sanesna nu langkung ahli.

Efek dongeng si Rawing oge ngajantenkeun Wa Kepoh seueur penggemar di unggal wewengkon. Teu jarang Wa Kepoh ngayakeun pentas langsung di lembur-lembur. Pentas saba kota ieu sok kaitung rame. Ngan aya hiji nu matak ngahanjakeul teh, "Uwa teu diajak badami heula basa si Rawing diangkat kana film. Uwa mah hanjelu pisan. Eta tokoh si Rawing na film teu jauh we jeung tokoh playboy nu leuwih nonjolkeun unsur seks na film eta. Padahal, keur Uwa mah dongeng si Rawing teh media da'wah!".

Kabara nu sono kana dongeng si Rawing, ieu aya salah sahiji episodena nu ngahaja dipasang ku Banyolan Sunda di Youtube.

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.