Header Ads

Breaking News
recent

Tips Mudik Lebaran Make Motor

Pikeun baraya anu rek mudik make motor, 12 hal dihandap ieu kudu pisan diestukeun:

1. Kudu boga motor sorangan, sabab pan tukang ojeg oge marudik lebaran mah.
2. Pariksa rem dina kondisi hade. Ulah nepika di jalan ngerem make sapatu.
3. Lampu oge kudu harurung, sangkan engke teu kudu nyaangan jalan make hape.
4. Rante oge omat kudu dipariksa, bisi aya nu maling dipake tawuran ku barudak. Ma’lum kiwari teh keur musim tawuran
5. Spion tah kade pake. Lumayan keur ngeunteung di jalan sangkan tetep PD
6. SIM Kudu boga. Apal SIM? Surat Ijin Mengemudi. Kamari mah kajadian si Ling dipegat pulisi, ditanya SIM. Ujug- ujug ngabongkar Hape bari nyarita “Bade SIM1 atanapi SIM2 Pak? Hape Abdi mah Dual SIM?”
7. Surat- surat motor kudu dibawa. Ulah sok pinter ngarayu “Pak Surat motor teu kacandak, kumaha upami urang ngadamel surat nikah?”
8. Kudu make Helm SNI. Najan gawe diproyek, helm nu karoneng mah tong dipake ari di jalan mah
9. Barang-barang nu simpel nu dibawa. Sabangsaning meja, kasur, asbak, lomari, raket reungit mah teu kudu.
10. Tong gancang teuing. 40-60km/jam cukup. Ulah kekebutan nepika 160km/jam, bisi nepi ka imah gancang teuing. Coba mun nepi 3 poe memeh lebaran, pasti bakal dititah mantuan nyieun kueh tah
11. Tapi tong santai teuing, 10km/jam. Bisa-bisa lebaran haji kakara nepi atuh
12. Salila di jalan tong lebay, biasa we. Tong make lepas tangan sagala. Komo jeung ngangkat- ngangkat ban hareup mah, atawa nangtung na jok motor bari puputeran jiga Satria Baja Hitam.

* Carita kintunan Pele Jayagiri - Baraya Banyolan Sunda











Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.