Header Ads

Breaking News
recent

Double Stick

Tah ieu dongengna di handap rada panjang, tengetan. Tapi, kanu aranom peupeujeuh ieu dongeng lain turutaneun:

Baheula keur sakolah di kota, balik sakola harupeun imah urang Cina aya nu keur latihan ngulinkeun double stick. Bari leumpang lalaunan kuring merhatikeun bari ceuk hate: “Oh, kitu geuning cara diajarna!"  Balik ulin ti dulur di Jakarta beus istirahat makan di Puncak (can aya jalan tol mah, beus teh lolobana liwat Puncak, Bogor). Tah, nempo aya nu kieu, kuring meuli hayang bisa jiga Bruce Lee lah ceuk pikir teh. Balas kurajin jadi rada pinter ngulinkeunna, teu kaitung sabaraha kali kagebug kana tarang jeung kana siku mah. Angot ari hareupeun babaturan mah jiga nu enya, bari jeung nyeri ge teu di rasa ari kagebug teh. Maranehna oge arapaleun kuring pernah diajar penca bari teu jucung oge.

Hiji mangsa kuring jeung babaturan garelut jeung barudak kampung sejen. Ku babaturan kuring kudu ngahareupan gegedug ti ditu anu pernah jadi jawara pencak silat tingkat kabupaten. Ngaranna teh si Dodi. Dina prungna kuring pahareup-hareup jeung manehna. Batur mah geus bukbek kuring anteng bae ngulinkeun double stick, bari sieun rek nyerang teh! Jigana mah itu oge sieuneun nempo double stick muter. Manehna ngan nempokeun bae, malah beuki ngajauhan. Keur kitu, aya pulisi liwat tos ti kacamatan. Eta mah nu gelut ngacir kabeh!

Isukna, gegedug jawara teh katingali numpak motor di lembur kuring, bari ngabonceng si Herdi. Si Herdi teh cenah  guruna si Dodi nu katelah jago kungfu oge jago karate. Malah ceuk beja mah, namatkeun elmu kungfuna ge di Jakarta. Guruna si Dodi make sapatu kungfu sabitis jiga Chen Kuanthai jeung Fusheng. Bulak balik cenah neangan kuring. Tapi barang nempo kuring, si Herdi lain eureun nyampeurkeun. Eh, si Herdi malah noel di Dodi bari tuluy  ngajak indit. Kuring ngan bisa kerung. Aneh... ujug-ujug bisa kitu.

Katilu poena basa balik sakola, kuring papanggih deui jeung si Dodi di terminal kota. Manehna nyampeurkeun bari ngajak ngobrol sopan pisan, malah mah nawaran roko sagala. Atuh babaturan araneheun, nepi aya nu nanyakeun: “Har, dikumahakeun si Dodi nepi ka sopan kitu ka maneh? Jiga nu taluk kitu euy!" Kuring teu ngajawab, ngan irung bae rebeh, asa meunang. Murid jeung guru asa geus "ditalukkeun". Sanggeus rada lila, kuring kakara ngarti kunaon si Herdi alias guruna si Dodi teh jadi bageur tur teu mantuan nu jadi muridna. Singhoreng eta si Herdi teh bogoheun ka adi kuring! Matak meureun ambeh cintana aman, manehna nitah ka si Dodi supaya teu ngaganggu uing! Bener ku cinta mah... uing ge ngadadak bisa "ngaleumpeuhkeun" si jago kungfu!

* Carita kintunan Kang Endang Haryadi - Baraya Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.