Header Ads

Breaking News
recent

Riung Mungpulung Baraya Banyolan Sunda, 17 November 2013


Dina raraga langkung ngaraketkeun tali mimitran Baraya Banyolan Sunda, Insya Allah baris diayakeun acara riung mungpulung baraya Banyolan Sunda nu aya di group Facebook, Twitter, atanapi nu sok nganjang ka www.banyolansunda.com.

Dinten/Ping: Minggu, 17 November 2013  
Waktos: tabuh 08.00 - 16.00 WIB. 

Lokasi: Saung balong Pa Haji Ruby, Kampung Babakan Curug, Cijambe Subang. Lokasina mah ti Jalan Cagak teras dugi sateuacan gapura. Pami ti arah Bandung ka Subang, meuntas jalan/ ka palih katuhu. Saatos Rumah Makan Abah aya pangkalan ojeg lebet ka Kampung Babakan Curug. Teras wae, kirang langkung 3 km ka arah pasawahan. Engke di caket pangkalan ojeg baris dipasang spanduk Baraya Banyolan Sunda.

Info tambihan sanesna:
1. Waragad engke wae di lokasi kalayan sumbangan saridona ti unggal baraya.
2. Baraya nu bade ngiring mondok, tiasa sumping dinten Saptu, 16 November 2013 tabuh 4 sonten.
3. Nu bade ngiringan nguseup tiasa udunan kanggo ngagaleuh laukna, kontak Komandan Hansip Rancabanyol salaku nu kabagean tugas ngurus nguseup.
4. Acara: silih pikawanoh papada baraya Banyolan Sunda (nu heubeul sareng nu enggal/nembe tepang), ngaliwet, sawala ngeunaan kagiatan di Banyolan Sunda, hiburan musik organ tunggal, games, gogonjakan, jsb.  
5. Baraya oge tiasa nambih-nambih sumbangan kanggo katuangan/cemilan kalayan nyandak ti bumi masing-masing. Tiasa oge nyumbang roko, kopi, teh, jsb. Tuan rumah mung nyayagikeun konsumsi kanggo tuang.
6. Kanggo info salajengna sumangga kontak ka ketua panitia: Irfan Arifuddin, telepon/SMS/WhatsApp: 0896 7110 2034.

Foto kopdar nu kantos dilaksanakeun di Cijambe, Subang.
 

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.