Header Ads

Breaking News
recent

Puitis Tragis

*
Kadeudeuh Akang moal cidera ka salira. Satia Akang moal gedag kaanginan. Najan aya mojang lain nu ngungudag Akang. Akang mah moal....nolak!

*
Rehe simpe taya sora nu sumanding. Humandeuar beak pikir. Poek mongkleng buta rajin. Batin ngan hayang ngedalkeun: PLN.. buru hurungkeun!

*
Anjeun, peureum kadeuleu beunta karasa. Siang wengi jadi lamunan. Kamana atuh salira teh lawas teu nembongan? Jol ngaleungit we di kuburan.

*
Kadeudeuh Akang moal laas ku panas panonpoe, moal leeh ku seuneu. Moal hariwang ku kamelang. Ngan inggis.... mun Akang beak paket pulsa!

*
Najan Newton ahli dina hukum gravitasi, tapi moal bisa ngarumuskeun kuatna gravitasi cinta urang duaan.


Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.