Header Ads

Breaking News
recent

Pesbuk..oh Pesbuk

*
Tragis, mun muka Pesbuk aya nu nulis di wall akun batur: HAPPY BIRTHDAY!
Teu apaleun yen eta jelema nu di-happy-keun teh geus lila maot.

*
"Tina BEUNGEUT tuluy kana BEUHEUNG, tuluy handapeunna aya BEUTEUNG."
"Ari Handapeun beuteung? Pasti jorang."
"BEUBEUR... I Sugan teh"

*
"Kang, tadi mani lancar pisan ngucapkeun ijab qabul teh."
"Saha heula atuh, Akaaaang teaaaa kanu kitu mah tos pangalaman. Eh... kaceplosan!"

*
"Neng, ieu 100 juta ti Akang. Anggap we tawis kadeudeuh ti Akang. Sakantenan ieu sabun colekna." 
"Naon ieu teh, nitah pencucian uang?"

*
Hiliwirna angin peuting. Bentang nu baranang di langit jadi saksi urang duaan. Anjeun imut, bari tuluy ngaharewos: "Akang, nembe hitut nya?"

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.