Header Ads

Breaking News
recent

Cobaan Heula

Dansip : "Kunaon eta beungeut jiga nu bingung kitu Gus?"
Agusti : "Diseuseulan ku Amih Ade pedah meser sapatu alit teuing."
Dansip : "Naha teu diacobaan heula?"
Agusti : "Henteu mang. Kabujeng resep ku warnana hejo pulas."
Dansip : "Nya salah maneh atuh ari kitu mah. Matak ari barang beuli cobaan heula. Geus ayeuna mah ka warung sakeudeung. Pangmeulikeun korek sabungkus. Ti tadi hayang ngaroko teu boga seuneu."
Agusti : "Mangga antosan sakedap."
(Kira-kira 10 menit jol Jang Agusti geus balik deui).
Agusti : "Ieu Mang korekna."
Dansip : (bari nampanan) "Naha geuning bungkusna wungkul euweuh eusian korek teh?"
Agusti : "Hor, pan saur Emang ari meser nanaon cobian hela. Tadi di warung ku abdi dicekeskeun hiji-hiji. Alhamdulillah, sadaya sae korek teh harurung, taya nu basah."

Kintunan Cheche Isma Hartanto - Baraya Banyolan Sunda


Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.