Header Ads

Breaking News
recent

Lalaki Sajati

#1 
Lalaki sajati:
"A, hayu atuh urang nikah.
"Siap laksanakan!"

Lalaki epes meer:
"A, hayu atuh urang nikah."
"Balik kanan graaak!"

#2
Sing inget, kaom istri teh lain siga lubang biopori. Lain saukur purah nandean cai. Tapi boga kamuliaan nu teu bisa dilakukeun ku lalaki.

#3
Untung Twitter, Pesbuk, Path jeung sajabana teu dijieun di kantor kecamatan. Kabayang mun aya perpanjangan. Ngantri pisan...acan itu-ieuna.

#4
Horor teh.. sorangan lalajo film jurig di bioskop, terus di korsi hareup aya mantan jeung kabogoh anyarna pahuap-huap jagong beledug.

#5
"Neng, kersa janten kabogoh Akang?"
"Euh.. ke urang taroskeun heula ka kabogoh abdi nya?"

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.