Header Ads

Breaking News
recent

Kabiasaan Warga jeung Istilah di Rancabanyol

https://www.facebook.com/groups/kampungrancabanyol/Baraya nu gabung di Group Facebook Banyolan Sunda,  teu saeutik nu sok kabingungan pikeun kumaha sangan bisa komunikasi jeung aub leuwih anteb jeung baraya sejen nu geus lila gabung di ieu group. Tah, pikeun gambaran kumaha kabiasaan jeung fakta-fakta penting nu aya di Rancabanyol. Hal ieu pikeun pedoman ka baraya kumaha sangkan ulubiung ngacapruk di Banyolan Sunda teu karagok. Ieu diantarana:

1. Sabenerna di Banyolan Sunda euweuh nu ngaranna "senior" atawa "junior". Pokona nu resep ngacapruk jeung sabulangbentor sok we. Ngan ari tatakrama papada baraya mah tetep dijaga. Nu paling penting oge leupaskeun "saragam" kayaning: jabatan, partai pulitik, jsb. Hal ieu supaya kabeh sama rata, teu karagok ku identitas. Aya istilah warga nu lila jeung anyar teh dumasar kana ulubiungna di Banyolan Sunda. Di dieu aya istilah per angkatan, nu dumasar kana iraha tiap entragan miluan kopdar alias riung mungpulung di dunya nyata.

2. Mun baraya anyar nu mimiti asup, alusna tong waka "super eksis" kalayan ngabombardir ku status-status pikeun katingali eksistensina. Mending laju heula adaptasi miluan kana komen na status nu geus aya, utamana para pupuhu samodel Komandan Hansip Rancabanyol, Kuncen, Lurah, jsb. Insya Allah engke ge bakal dianggap tur "dikukut" ku baraya nu geus heubeul gabung di BS. Geus proses adaptasi ngabanyol "diaku" karek sok mimiti ngiriman status pikeun pamancing komen nu lain.

3. Di BS sok aya istilah di papada baraya nu teu dipikaharti ku warga anyar. Ieu biasana kusabab baraya heubeul make istilah-istilah nu dikaitkeun jeung kaayaan di dunya nyata. Hartina, istilah kasebut memang geus jadi kabiasaan di kopdar, misalna. Ari geus kaayaan kieu mah ngan 2 hal nu bisa dilakukeun: ningalikeun wungkul istilah-istilah muncul atawa nanya ka pupuhu naon eta maksudna.

4. Baraya nu gabung ka BS teh aya kategori: 
a. Tukang Maca: Gabung ka group, estuning keur hiburan, ngan macaaan wungkul. Tara miluan kopdar.
b. Tukang Ngacapruk: Aktif nyetatus jeung komen tapi can pernah miluan riung mungpulung (kopdar). Bisa wae alesanna sibuk pagawean atawa tempatna jauh di luar kota/di luar negeri.
c. Tukang Kopdar: Tara/jarang nyetatus atawa komen tapi sok aktif miluan kopdar. Biasana ieu komunikasina na HP, jadi meunang info ti baraya sejen.
d. Aktivis: Aktif nyetatus, aktif komen, aktif kopdar. Ieu biasana para pupuhu baraya nu geus kaiket ku rasa kakulawargaan di BS. Malah biasana geus teu ragab silianjangan ka imah atawa kopdar khusus ge.Sagala kagiatan BS pasti apal, kaasup milu usaha babarengan, jsb. Jadi, di BS aya 2 sisi: sisi hubungan sosial virtual jeung sisi hubungan nyata. Cirina mun geus baroga nomer telepon, PIN BB, jsb. Kontak biasana langsung wae ka jinisna na HP.

5. Ciri basa komunikasi ge aya tingkatanna. Keur awal wanoh mah meureun make basa lemes. Geus rada wawuh ningkat kana loma. Tah, geus wawuh pisan sok campur make basa kasar. Da ngabojeg mah ari teu make basa loma atawa kasar mah sok karagok. Tapi, ieu basa keur nyirikeun wungkul yen najan kasar ge estuning balas ku deukeut. Jadi nu diajak ngomong ge teu nyeri hate. Malah, mun silih geuingkeun mun aya nu rada kurang sreg ge sok langsung we ka jinisna (tangtuna ningali kondisi, biasana ku basa heureuy) nepi nu digeuingkeun ge antukna ngarti.

6. Mun aya riung mungpulung atawa kopdar baraya BS, sabenerna eta keur ngahijikeun baraya sangkan leuwih wanoh. Mun geus panggih pahareup-hareup mah Insya Allah jadi dulur di BS mah. Ieu saluyu jeung prinsip di BS "Nu can wawuh jadi wawuh, nu geus wawuh jadi dulur." Jadi, mun baraya anyar miluan tepung lawung di acara nu diayakeun di BS tong karagok sieun itu sieun ieu. Da geus prakna di dunya nyata mah pasti diaku jeung diwanohkeun jeung nu lian. Malah baraya bisa meunang nilai pleus, bisa diajar usaha, diajar nulis, diajar nyieun website, nepi neangan jodo ge bisa di BS mah. Eta untungna di BS datang ti ragam kalangan teh, bisa ngundeur elmu. Atuh nu kabeneran nasibna meunang jodo di BS ge teu saeutik.   

Tah, pikeun ngantebkeun supaya leuwih wanoh jeung Banyolan Sunda, ieu sababaraha istilah nu wajib dipikawanoh ku baraya:

Rancabanyol jeung Warga Rancabanyol: istilah kampung virtual Banyolan Sunda jeung pangeusina. Mun Banyolan Sunda disebutna BS.
Parud: mun aya kiriman nu teu saluyu jeung tata tertib di group BS, misalna ngirim gambar jorang atawa status nu pipaseaeun. Nu ngirim biasana diingetan, mun bangkawarah  wae dipanclengkeun (remove) alias dikartu merah ti group.
Ladu: carita atawa kiriman hasil copy paste atawa nu geus ngulibek di internet. Kiriman model kieu biasana moal dianggap. Di BS mah istilahna nyieun status pondok ge bisa dikomen manjang mun eusina potensial keur gogonjakan.
Buricak Burinong: kiriman status asa na wall sorangan, ngan hayang ngarepkeun komen wungkul tapi euweuh eusina keur banyolan. Conto statusna: "Aduuh, hayang dahar" atawa foto-foto sorangan nu euweuh patalina jeung bahan banyoleun alias nu pantesna mah geus we pasang na wall akun sorangan.
Narsis: ngiriman foto beungeut sorangan atawa kagiatan sorangan nu teuing niatna mah hayang ngabejaan ka pangeusi group: "Ieu beungeut urang", "ieu mobil urang", jsb. Nu pastina matak hoream ka baraya rek dimana ngomenna.
Cuanki Kolenyay: status awewe nu terus "dirempug" ku komen-komen jalu. Kaciri para jalu karomen teh iwal hayang meunang perhatian ti nu boga status. Di dieu kudu ati-ati sabab sok aya jebakan betmen. Bisa wae baraya nu keur iseng atawa jail. Foto profilna geulis, ari pek nu bogana mah jalu-jalu keneh warga BS.
Sotoshop: Olahan foto beungeut baraya nu dimodifikasi sangkan pilucueun. Tapi hal ieu ningali kondisi, mun nu boga beungeutna teu rido tong wani-wani ngolah sakahayang. Dina urusan ieu aya perjanjian tidak tertulis, yen samemeh ngolah kudu aya kasepakatan antara nu ngolah jeung objek nu rek dikekeak.
Beungeut Sasampayan: beungeut baraya nu diolah kana objek nanaon ge mantes, misalna beungeutna diolah kana awak si Messi pantes, awak orok pantes, awak tukang beca pantes.
Genk Japilus: ieu baraya BS nu masih keneh lalagasan alias para nonoman nu jomlo keneh. Nu kieu mah wani dikekeak ge. Tapi tong coba-coba di BS ngedalkeun kecap "Parawan/Bujang Kolot", "Janda" atawa "Duda". Hal eta dipahing pisan, pikeun ngahargaan papada baraya. Beda kasusna mun ka barudak ngora nu umurna can manjing kawin mah..silih kekeak ge mangga eta mah ngan teu kaleuleuwihi.
Genk Sabun: alias Genk Sayang Bunda, ieu genk motor versi Rancabanyol. Na dunya asli ge aya, mun tiap kopdar pasti ngabring konvoi kana motor.
Serenity: ngaran kunti nu aya di Kampung Rancabanyol.
Vanessa: ngaran meri nu aya di Kampung Rancabanyol.
Disambat: mun aya status atawa komen nu di-tag ka ngaran baraya lain.
Balakasadut, Balakaciprut, Jeprut, Mancerod: kalakuan baraya atawa status/komen nu ngacapruk pisan atawa jauh tina kailaharan.
Ospek: baraya nu karek miluan kopdar terus iseng dijailan ku nu lain geus biasa panggih. Ieu mah kondisional, biasana baraya nu can panggih tapi geus wani ngekeak jeung pikaseurieun jelemana.
Dipadog: carita atawa kiriman baraya di BS nu dipaling ku nu di luar BS, misalna carita BS nu aya di group Facebook atawa website lain. Asal muasal istilah ieu muncul waktu carita-carita BS aya na Cangehgar tanpa bebeja ka nu nyieun.
Masekon: saluyu jeung kaayaan. Misalna nyieun carita nu saluyu jeung kaayaan di Kampung Rancabanyol. Leuwih kana harti "kreatif" sabab di BS mah diusahakan ngacapruk kalayan konteks sorangan. Jadi carita-carita nu dihasilkeun ge estu meunang mikir baraya sorangan.
Ngadu bako: baraya BS ngariung khusus (lain  kopdar raramean), misalna di imah salah sahiji baraya atawa di tempat-tempat khusus. Baraya ngarariung diadu ideu jeung patembal-tembal carita keur ngahasilkeun carita-carita fresh (gambaranna mah jiga cara stand up comedy tapi dina riungan). Di dieu baraya bebas imajinasi tur ngaluarkeun ekspresi sangacaprukna. Hal ieu bisa wae jadi media terapi pikeun baraya nu keur aya dina kasusah atawa memang hayang hiburan supaya tong baeud wae. Mun geus kieu, baraya bisa babarakatakan nepi nyeri kulit beuteung.  
TLC: Taman Lawang Community, ieu biasana mun baraya keur ngaluarkeun istilah-istilah basa gaul di komunitas bencong. Sajarahna mah mimiti BS ngadeg taun 2009 aya nu mosting gambar photoshop beungeut baraya tapi awakna banci. Komen-komenna ge make basa gaul nu aya di kalangan bencong.
Ngadu laleur: istilah ieu muncul mun ngagambarkeun carita nu kaasup cawokah (sapatemon). Bijilna tina carita ngadu laleur. Laleurna nu hiji diteundeun na bujal salaki, nu hiji deui di bujal pamajikan. Tuluy eta laleur diadukeun.
Mamawa Partey: mun aya komen atawa status nu nyabit-nyabit kahirupan atawa kaayaan asli baraya. Misalna, aya baraya keur ditimburuan ku pamajikan,  tuluy hal eta dikaitkan na komen/status ku baraya sejen. Objek nu kasebut bisa komen: "Euh, geus atuh tong mamawa partey, euy!"
Pasar Senen Rancabanyol: baraya nu ngiklankeun produk atawa usahana bisa di Facebook Banyolan Sunda unggal poe Senen. Di luar poe eta bakal diparud ku admin.
Pangajian Rutin: Pangajian nu diayakeun rutin unggal bulan, khusus Warga Rancabanyol. Ieu mangrupakan acara kopdar rutinan nu tempatna pindah-pindah unggal bulan di imah baraya nu kabagean/ngajukeun jadi sahebul bait.
Sponsor: mun aya baraya nu ngajak ngariung sakalian nyadieun keur kadahareunna (misalna ngaliwet atawa dahar di rumah makan/kafe).
Perelek/Kencleng: udunan babarengan pikeun ngayakeun kagiatan, botram, atawa nyumbang ka baraya nu keur meunang karerepet/musibah.
Operasi Plastik: ngawadahan dahareun kana keresek sesa lalawuh ti tuan rumah beres kagiatan pikeun dibagi rata ka baraya nu miluan eta acara.  
Juru Ingkig: baraya nu kabagean ngajemput mun keur kopdar, Misalna keur aya kopdar di Bandung, baraya nu kabeneran boga mobil bagean ngajemput baraya nu datang ti luar kota. Ngajemputna bisa di titik-titik tertentu kalayan perjanjian, misalna di Terminal Leuwipanjang atawa di Stasion Bandung. 
Warung Baraya: stand usaha milik baraya nu miluan pameran, misalna di acara kopdar atawa di acara sejenna di luar BS.
Mitra Baraya: jaringan pemberdayaan usaha, pendidikan, jeung sosial baraya Banyolan Sunda (http://www.mitrabaraya.com/).
Radio Baraya Sunda: katelah oge RBS, radio online nu dikokolakeun ku baraya Banyolan Sunda (http://www.radiobarayasunda.com/). Bisa oge disetel di BlackBerry, Android, jeung iPhone.
Avatar: sebutan keur baraya nu wanoh jeung aktif di Group Facebook Banyolan Sunda, tapi can pernah panggih di dunya nyata/kopdar.
Ngeusi Absen: baraya Banyolan Sunda nu ngeusikeun datana di formulir anggota Banyolan Sunda, formulirna klik di dieu.
Incest: baraya nu meunang jodo di Banyolan Sunda (dianggapna kawin jeung "kulawarga" sorangan).
Aplod Burudul: mun Warga Banyolan Sunda geus ngayakeun acara kopdar/riung mungpulung peutingna atawa isukna sok ditarungguan baraya nu ngaplod poto/videona. Tah, ngirimkeun potona biasana sok disakalikeun dina sawaktu harita keneh, jadi murudul.
SK = surat kaputusan, mun aya baraya nu boga landian anyar tukangna make Rancabanyol. Misalna Komandan Hansip Rancabanyol. Boga ngaran nu tungtunna aya "Rancabanyol" teu sagawayah bisa dipake. Ieu mangrupakeun hasil kaputusan babarengan, yen hiji baraya geus cocok dibere embel-embel Rancabanyol. Jadi sipatna kondisional jeung istimewa, teu saban waktu aya SK kaluar.  

Supaya leuwih jelas, sok wae gabung jeung

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.