Header Ads

Breaking News
recent

Pangalaman Mimiti Boga HP: Gara-gara Ngaragaji Anteneu

Mimiti boga hp teh merkna Samsung R220, eta taun 2004 mimiti kuliah. Maklum da kolot baheula mah jelema pas-pasan. Kolot dipapaksa ku uing sina pangmeulikeun hp. Harita uing karek mimiti kos di Bandung. Ahirna ku kolot dipangmeulikeun hp nu aya anteneuan. Ari babaturan lolobana marake hp Nokia. Jadi weh hp uing teh pada ngahina cenah hp atahiyat. Nyeri hate. Hiji waktu basa keur mudik ku uing eta hape teh diragaji anteneuna. Kesingna dilaan tuluy dipilox warna bodas. Lumayan eta hp teh jadi nyeni katingalina. Ngan barang rek nga sms teu nepi-nepi. Euweuh sinyalan! Atuh anteneu hp teh kapaksa diterapkeun deui. Unggal kuliah mun aya sms si hp teh tara dikaluarkeun. Dibacana ge na jero saku, da era sieun katempo ku barudak. Hiji mangsa mah boga picaloneun kabogoh beda jurusan ari dina status Friendster manehna ngungkit-ngungkit hp uing nu dipilok nanyakeun merkna. Nggeus weh eta awewe ku uing teh dijauhan. Manehna teu ngartieun tuluy nga-SMS. Cenah: "Gus, kenapa kamu menjauh? Marah yah?" Ceuk uing teh "Ngga!" . Padahal mah era.

Kiriman: Agus Yayan - Group Facebook Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.