Header Ads

Breaking News
recent

Pangalaman Mimiti Boga HP: Awewe Noroweco Wae

Kuring mimiti boga hp taun 2003-an, eta oge lungsuran ti adi kuring. Hp-na merek Motorola jadul. Eta hp bentukna gede jeung aya anteneuan. Jigana lamun dibaledogkeun ka anjing ge bakal langsung ngagaik. Hiji mangsa kuring ngoprek eta hp, mencet 123 terus mencet keypad simbol telepon. Maksud kuring  mah hayang nyobaan ngecek pulsa. Eh.. tapi naha kalahkah jadi nelepon? Tuluy aya nu ngajawab, ku kuring eta dihalo-halo. Euh.. geuning anu narimana awewe bari ngocoblak terus. Antara pertanyaan kuring jeung jawaban manehna pasalia pisan. Kuring jadina kesel. Antukna, ku kuring eta hp langsung dipareuman. Terus kuring ngadu ka salaki, langsung curhat...kesel tuda tadi uing nelepon ka 123 kalahkah nu narimana awewe, baru ngocoblak weh jeung teu nganggap omongan kuring. Ngadenge laporan kuring, salaki jol ngabarakatak bangun nu puas: "Dasaaaaar oneng maneh mah! Eta nu ngobrol jeung maneh teh mesin operator!" Uing ngan bisa nyengir kuda bari garo-garo teu ateul. Aslina, teu ngarti naon ari mesin operator teh?

Kiriman: Kudet Kawe Hiji - Group Facebook Banyolan Sunda.

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.