Header Ads

Breaking News
recent

Pangalaman Mimiti Boga HP: Tragedi Kata Sandi

Taun 2003 harita uing mimiti make hape teh merek Siemen anu C39. Eta oge meunang pamere ti lanceuk. Abong keneh kakara make hape, diutak atik weh menu anu aya dina layanan hape. Tah hiji waktu dina pengaturan hape teh aya ubah kata sandi. Jeung dina pengaturan teh aya gambar anjing, jug ngetik weh make nomer opat dijit. Diasupkeun weh ku uing teh. jug capluk-capluk weh aya gambar tulang dihakanan ku eta anjing virtual. Teu kungsi lila, ku uing teh ditingalikeun ka lanceuk.
"Tuh A, tingali alus aya gambar anjing ngahakan tulang." 
Saeunggeus kitu, geuning hape teh teu bisa dibuka! Geuning salah ngasupkeun kata sandi. Atuh lanceuk uing ngadat: 
"Ah, silaing mah nya bet sagala dioprek. Jadi weh teu bisa dibuka!"
Asli ieu mah carita lain saukur imajinasi. Matak ayeuna mah lamun make hape tara diutak-atik pengaturan kata sandi. Trauma!

Kiriman: I'Cham Slogad - Group Facebook  Banyolan Sunda.

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.