Header Ads

Breaking News
recent

Pangalaman Mimiti Boga HP: Geteran si Manuk Jogjog

 Mimiti boga HP anu aya vibraan. Kacaritakeun keur serius ngobrol ngeunaan acara jang tujuh belasan, eta hp ku uing disakuan na saku hareup calana jins. Na atuh... keur sumanget mere arahan, jol teh hp disada, aya nu nelepon. Tapi eta nu matak reuwasna mah lain ku sorana nu tarik maksimum, tapi ku geteranna nu matak nepi ka nyangunjar na suku nu keur sila. Pedah eta hp teh nyongclo na saku teh, pas pisan luhureun "manuk jogjog" uing pisan. Jadol teh, atuh nu apal ka hp uing nu anyar teh pada nyakakak. Nu teu apal mah nya kerung weh naha si Oda bet siga nu kasetrum kitu?

Kiriman: Kang Oda Surawijaya - Group Facebook Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.