Header Ads

Breaking News
recent

Pangalaman Mimiti Boga HP: Reuwas ku Vibra

Harita taun 2000-an mun teu salah mah mimiti kaluar HP Siemens (poho deui serina). Pokona mimiti HP nu make vibra (geter), nu sisi-sisina aya karetan jeung teu make anteneu.  Harita uing masih ngantor. Niat mah rek agul da karek balik nukerkeun HP anyar tea. Harita mah can loba batur nu make HP boga vibra. Tah, caritana pas jam istirahat. Babaturan kantor ningalian HP anyar nu ku kuring karek ditukeurkeun sababaraha jam tea. Sapanjang ngobrol jeung babaturan sakantor, eta HP dikeukeupeul. Maklum HP teh jarang disada kunu ngontak atawa nu nga-SMS, da can usum SMS-SMS acan. Na atuh keur ngeunah-ngeunah ngobrol uplek jeung babaturan kantor, ari kerenyed teh.. goaaaak kuring ngajerit satarikna bari ngabalangkeun HP. Reuwas aslina! Untung eta HP anyar tea ragragna na luhur meja, bari posisi HP nangkarak. Jadi LCD-na teu peupeus. Reuwas kareureuhnakeun, euh...abong kakara wanoh jeung vibra! Singhoreng keur uplek ngobrol teh aya nu nelepon kana HP, atuh vibrana aktif jadi we sakadang HP ngurunyud! Eta mah .. geeeerrr kabeh nu aya di rohangan ngabarakatak.. Tadina mah maksud rek agul, langsung ngadadak lungguh.. Bakat ku era. Abong gaptek!

Kiriman: Essy Achie - Group Facebook Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.