Header Ads

Breaking News
recent

Pangajian Rutin Baraya Banyolan Sunda

Banyolan Sunda memang katelahna tempat heureuy sareng gogonjakan di Group Facebook oge di dunya nyata (kopi darat). Mung sagedengeun eta, baraya Banyolan Sunda (warga Rancabanyol) nu tos biasa tepung lawung di dunya nyata sering ngayakeun riung mungpulung kalayan dieusi ku hal-hal nu daria. Hal ieu biasana baraya ngawangkong ku cara diskusi pikeun ngaberdayakeun Komunitas Banyolan Sunda. Sababaraha hasil diskusi nu tos kalaksanakeun nyaeta: ngayakeun kagiatan bakti sosial, event organizer, ngadegkeun radio streaming online (Radio Baraya Sunda/RBS), dugi para baraya nu minat usaha mah ngadegkeun jaringan Mitra Baraya nu konsepna inkubator bisnis. Dina riungan model ngadu bako kitu, teu kawengku ku baraya nu kalebet tos lami di BS tapi oge baraya-baraya nu enggal gabung. 


Salah sahiji usulan nu didugikeun ku baraya taun 2013 ieu nyaeta ngayakeun pangajian rutin. Usulan ieu dihaminan ku nu sanes. Nya, Desember 2013 dijantenkeun kanggoa ngawitan diayakeunna pangajian rutin baraya Banyolan Sunda (BS). Minggu, 1 Desember 2013 dipilih tempat kanggo pangajian rutin baraya Banyolan Sunda ieu, nyaeta di bumina Mamah Dedeh Rukmaya di daerah Jatiroke, Jatinangor, Sumedang. Alhamdulillah, seueur baraya nu hadir sarumping ti unggal kota di Jawa Barat. Salain baraya BS, pangajian ieu dihadiran ku warga sabudeureun lokasi pangajian sareng wargi-wargina Mamah Dedeh nu sumping ti daerah sanes. 

Ieu acara dikawitan tabuh 10 enjing-enjing dugi ngong adan lohor. Nu janten penceramah diberdayakeun nu sok biasa aktif dina widang kaagamaan atanapi nu tos biasa ceramah. Tah, dina pangajian bulan Desember ieu kaleresan aya Ustadz Hadad, ustad ti Cigondewah jeung kalebet oge anggota Banyolan Sunda, nu sok biasa ceramah sareng Ustad Hariri. Satutasna pangajian, diayakeun oge ngumpulkeun sumbangan (kencleng) ti jama'ah nu hadir kanggo ngarojong kagiatan BS model kieu. Saterasna mah diayakeun sawala perkawis pergerakan BS ka payunna, kalebet sasih payunna (Januari 2014) saha nu kabagean janten sahebul bait. Kaputusan saha-sahana nu janten tuan rumah kanggo pangajian rutin ieu dumasar kana karidoan baraya nu siap padumukanna dijantenkeun tempat riung mungpulung. 


Dina kagiatan samodel kieu, interaksi baraya langsung karaos. Nu dibahasa oge sok ngarembet perkawis gogonjakan di group Facebook Banyolan Sunda, utamina tema-tema nu janten bahan gogonjakan kalebet tanggung jawab admin group nu langkung dironjatkeun. Kanggo langkung ngaraketkeun tali mimitran, dibahas oge perkawis kagiatan Milangkala Banyolan Sunda nu ka-5, nu Insya Allah baris dilaksanakeun sasih Februari 2014. Rencanana acara ieu diayakeun raramean kalayan ngaberdayakeun jaringan usaha baraya ku diayakeunna pameran UMKM, pentas seni budaya Sunda, ngahirupkeun deui kaulinan barudak, sareng sajabina. Kanggo informasi perkawis acara milangkala ieu, baraya tiasa ngiringan engke sosialisasina dina kagiatan Pangajian Rutin Warga Rancabanyol II (Januari 2014) nu Insya Allah baris dilaksanakan dinten Minggu, 12 Januari 2013 di bumina Mang Undang Solihin, alamatna: Jln. Riung Arum Timur III No. 45 Riung Bandung. Kanggo patarosan atanapi informasi tiasa kontak kana inbox akun Facebook Komandan Hansip Rancabanyol atanapi ka Kuncen Rancabanyol.   

1 komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.