Header Ads

Breaking News
recent

Pangalaman Mimiti Boga HP: Komandan Tanpa Batre

 Gara-gara si Dansip Rancabanyol nyinggung masalah HP,  uing jadi kaingetan kajadian anu moal leungit tinu pikiran kuring. Munggaran boga HP taun 90-an, ari boga HP teh merk Motorola anu leutik batrena aya di hareup kesing, nangkod di luhur, pokona gagah harita mah.
Kajadianna mah kieu, basa uing ka lembur, mobil teh mogok. Maklum mobil geus kolot. Pas na tanjakan atuh pahibut ngaganjel, da sieun ngagolosor ka handap. Kbeneran di dinya aya bengkel mobil. Teu loba catur, mobil diasupkeun ka bengkel. Eta mobil ku montir langsung dioprek. Ngan kuring inget yen bengkel eta teh sok nyekek harga nyervisna mun ka nu teu wawuh mah. Eta ge uing meunang info ti nu lian. Uing teu eleh geleng, rek ngagos tiheula bari ngaluarken HP. Pok uing ngomong ka montir . 

"Kang ari polisi anu di tonggoh aya nu jaga?" tanya kuring."
"Rupina aya, Kang" ceuk si montir bari ngareret ka kuring jeung kanu HP.
Kuring tuluy api-api nelepon ka "pulisi" jiga nu enya bari ngomong gacapruk "Halow, ieu saha nu jaga? Saya mogok di bengkel yeuh. Tolong jemput, cepet kalau disuruh komandan teh!" ceuk kuring bari ngareret ka montir tea.
Keur ngacapruk nyandiwara di jero bengkel, tuluy teu lola aya nu kaluar ti jero bengkel. Manehna polisi bari nyamperkeun. Pangkatna perwira. Manehna teu lila ngomong ka kuring: "Nelepon saha, Kang?" Uing ngadadak rada sawan, geumpeur narajang: 
"Euh.. euh, ieu Pa! Rerencangan Pramuka anu nuju latihan," jawab kuring arapap-areupeup.
"Oh, ieu bisi rek nginjeum batu HP. Piraku nelepon teu make batu?" ceuk si Polisi. Beungeut uing ngadadak beureum bakating ku era. Kakara sadar salila nelepon nyandirwara tea, geuning euweuh batrean. Da puguh batrena dilaan disakuan.... ngarah awet setrum tadina mah. Sanggeus beres ngomean mobil, teu loba catur ongkos bengkel dibayar. Belenyeng we uing kabur bari diseungseurikeun si Montir jeung Polisi.

Kiriman: Undang Solihin - Group Facebook Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.