Header Ads

Breaking News
recent

Pangalaman Mimiti Boga HP: Api-api Nelepon

Kuring mah harita di taun 2002 ngarasa jadi jelema tinggaleun zaman. Ari babaturan kuring geus baroga HP gararede, ari kuring teu boga HP nu leutik-leutik acan. Babaturan kuring mindeng nanyakeun nomer hape, sok rajeun ku kuring dijawab telepon we kana seeng. Taun 2003 kuring maksakeun nganjuk 6 bulaneun... Meuli HP Sonny Ericson T 100, tapi ngan ngeusian pulsa we. Lain beak ku nelepon atawa SMS tapi beak masa tenggangna. Da arek nelpon kasaha. Indung-bapa jeung anak mitoha teu bogaeun HP jeung ngumpul imahna padeukeut. Tapi kuring teu eleh gagah ku babaturan kuring. Kadang eta HP sok disetel heula di paskeun ka nada dering, terus disakuan.. Ngahaja ngadeukeutan babaturan kuring nu ngumpul. Geus deukeut, ku kuring di pencet eta HP ngarah disada. Ahirna kuring ngomong sorangan.Siga keur nelepon. Nepi ayeuna babaturan kuring euweuh nu nyahoeun kalakuan kuring kawas kitu.Dibejakeun ayeuna soteh pedah hayang meunang hadiah kaos we. Hehehe. Nuhun.

Kiriman: Wild BaVink - Group Facebook Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.