Header Ads

Breaking News
recent

Pangalaman Mimiti Boga HP: Hatung.. Hape Matak Tutung!

Uing kakara boga hp Taun 2001. Ngan nu ngeukeuwekna salaki uing. Anteng weh manehna uprak-oprek. Nga-SMS kaditu kadieu, ngabejaan babaturanna yen manehna geus boga hp. Atuh uing ge kabita panasaran hayang nyaho kumaha hp teh. Sabot manehna sare tibra, ku uing eta hp dioprek Uing mukaan menu jeung sagala rupana nu aya dina hp. Harita keur jongjon nyoo HP teh bari ngistrika baju. Bakating ku anteng nyoo hp, pakean salaki nu keur diistrika tutung nepi kabolong tembus kana tilam-tilamna. Bakating ku reuwas uing ngalungkeun istrikaan. Eeh bedul teh, kalahkah keuna kanu pingping. Tah korban hp koplok teh baju tutung, pingping uing tutung, hp bajred, ditambah salaki ngadat! Nepi ayeuna tapak pingping tutung ge aya keneh. Bisi teu percaya mah...aweeeuuuu.. aweeeuuuuu!

Kiriman: Odah Sobariyah - Group Facebook Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.