Header Ads

Breaking News
recent

Batal Bareng Salembur

Kajadian ieu kaalaman taun 1982. Listrik can aya, masih make lampu cempor. Tivi oge harita mah masih keneh kasup barang mewah, da ngan sasaraha urang nu boga jeung kudu make aki sarta warna na oge masih hideung jeung bodas keneh. Harita teh waktu tas asar, jam nunjukeun tabuh 4 pasosore. 

Ujug-ujug kaayaan nerelek ka poek jiga rek magrib biasa, atuh barudak nu keur arulin kabeh baralik. Jalma paciweuh neangan ingon-ingon sarupaning hayam, entog jeung sajabana langsung dikandangan, kabeh jalma istigfar jiga rek kiamat bae, sabab waktu gancang pisan rubahna, kabeh jalma salelembur istigfar, sabab aya katerangn anu nyebutkeun kiamat tumiba di bulan puasa. Jam nunjukkeun tabuh 4.30 kaayaan jiga tengah peuting bae, atuh pada ribut waktu geus leuwih ti magrib, aya nu hideng nakol bedug di masjid. 

Atuh sabagean jalma salelembur pada buka puasa... da nyangka geus magrib. Atuh kawas geus magrib bae langsung buka puasa kawas biasa. Naha atuh tabuh 5 sore kaayaaan ngadadak mimiti caang deui kawas ka kaayaan saperti biasa, tuh anu tadi tos pada buka pada patingolohok jeung ribut pada ngaromong: "Naha ari tadi poek pisan?" Atuh nu keur pada baruka oge langsung pada areureun deui, katuangan anu aya dina baham diburakeun terus kekemu, neruskeun deui puasa. 

Kabeh pada nyarita poe ieu puasa pada batal kusabab kaayaan tadi anu langsung jadi poek mongkleng buta rata. Atuh aya oge anu nyarita puasa teu batal da buka naon oge lain dihaja, tapi luyu jeung surupna panonpoe sanajan masih jam lima sore kurang. Geunjleung salelembur, aya totonde naon, nepi ka alam harita pangpoek-poekna saumur-umur. Horeng simana horeng, kaayaan dunya di lembur kuring harita anu langsung poek meredong teh akibat Gunung Galunggung bitu, lebuna ngabubung jauh ka jomantara nepi ka nutupan cahaya panonpoe, terus ngabius kabawa angin ka beulah wetan, bejana lebuna turun di daerah Indonesia bagian timur jeung Ustrali. 

Ari di lembur kuring mah kaliwat saking luhurna eta lebu Gunung Galunggung. Jaman harita mah berita oge rada telat estu ngandelkeun radio, da tivi mah berit na oge mun teu salah jam 5 sore jeung jam 9 peuting. Jadi wae puasa poe eta mah pada dianggap batal salelembur, sanajan teu dihaja oge. Jigana anu di daerah Priangan Timur mah pada ngalaman taun 1982 waktu Gunung Galunggung bitu teh.

* Carita kintunan: Adang Abdurahman - Baraya Banyolan Sunda



Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.