Header Ads

Breaking News
recent

Komat Mahiwal

 Kajadian ieu teh lumangsung sawatara taun ka tukang nalika kuring keur nyuprih elmu pangaweruh di salah sahiji paguron luhur anu kawentar di Indonesia (rada sombong saeutik...hehehe). Harita kuring geus tingkat akhir kuliah teh, tinggal nyusun skripsi. Daripada loba cicing kulantaran lieur mikiran bahan jang skripsi, kuring sok ngabangbrangkeun maneh ngilu ngajar komputer di SMP almamater kuring baheula.

Kacaritakeun harita sakola teh nincak bulan puasa. Kawas biasa lamun bulan puasa di sakola sok aya kagiatan pasantren kilat dina waktu beurang jeung solat taraweh berjamaah dina peutingna. Dina hiji peuting kabeneran kuring kabagean tugas ngimaman, lain kulantaran pinter komo soleh mah. Tapi alatan guru nu kuduna jadi imam harita teu bisa datang. Jamaah taraweh harita teh lain ngan saukur murid tapi aya oge guru-guru sejen minangka pembimbing. Diantarana aya guru Agama, guru IPS, guru Kesenian, guru Olahraga jeung PKS Kurikulum.

Gancangna carita, saenggeus beres solat isya jeung ceramah kuring geus siap deui mingpin jamaah pikeun solat taraweh. PKS Kurikulum anu katelah resep heureuy pok nyarita ka guru Kesenian anu mindeng jadi korban oconan: 
“Sok yud geura komat” 
 
Teu antaparah deui celengkeung weh nu dititah komat teh komat tarik naker: 
“Allahu akbar allahu akbar ashadu alla ila ha illallah …” 
 
Ibarat dikomando, gerr sakabeh nu aya didinya saleuseurian. Rek teu seuri kumaha atuh da, apan sarerea oge apal ari solat taraweh mah teu kudu pake komat sagala rupa. Nu leuwih pikaseurieun mah nu diseungseurikeunna teu kireum-kireum, lempeng weh. Teuing teu apal yen manehna jadi korban oconan teuing pura-pura teu apal pikeun nutupan kaera. Kulantaran karunya kuring teu loba omong deregdeg ngadeg tuluy takbiratul ihrom tanda solat taraweh dimimitian.

Geus lila kuring teu ka sakola. Mun pareng kuring silaturahmi ka beh dinya sok nyareri kulit beuteung ari geus ngumpul tuluy ngawangkong ngaler ngidul bari nyawang deui kajadian si komat mahiwal.

*Carita kintunan Rachmat Sonjaya - Baraya Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.