Header Ads

Breaking News
recent

Nu Gelo VS Jurig

Ieu kajadian waktu kuring Kelas 2 SMP. Harita uing diwajibkeun milu Pramuka, dimana sagedengeun latihan saminggu sakali, diwajibkeun oge tiap kenaikan kelas diayakeun Perjusami (Perkemahan Jumat - Saptu - Minggu). Lokasi kemah biasana sabudeureun Situ Ciburuy. Singkat carita, uing ngilu kemah perjusami tea. Indit Jumaah balik Minggu. 

Kulantaran aturan ti organisasi balik teh kudu nurut ka aturan nu aya. Sanajan hate mah tagiwur sieun balik kapeutingan. Soalna imah teh jauh ti jalan raya, kurang leuwihna aya 200 meter ti jalan ka lembur. Aari jalan mah alus ditembok ngan lebarna sameter. Sisina solokan saat jeung sapanjang jalan euweuh lampu, ukur rajeg tangkal peuteuy jeung sirsak. Maklum harita listrik can asup lembur. Teu salah tina kasieun bener we acara teh bubar jam 7-an pas nincak wanci Isya. Atuh ka ayang balik bakal peuting nepi imah. Kulantaran kapaksa nya narimakeun we. 

Caritana jam 8 geus aya di gang lembur sisi jalan raya. Wegah pisan rek balik teh, da katempo jalan nu sakitu poekna. Tangkal peuteuy jeung sirsak sapanjang jalan nambahan seber kana hate. Tapi tetep maksakeun leumpang bari babacaan sabisa-bisa jeung rada luwa-lewe hayang ceurik. Karek 50 meter leumpang, rentang-rentang ngelemeng di hareup belah kenca siga aya bayangan jelema ngagoler dina solokan. Hate campur aduk, antara hayang ngabecir jeung panasaran hayang mastikeun naon eta wujud. Ahirna bari rerempodan uing nyidik-nyidik. Na ari breh teh... jelema keur ngagoler. Dina hate ngan bisa ngagerentes "Astagifirullah..mayit!". Teu antaparah deui, kuring ngabecir lumpat. Nepi ka tungtung lembur kabeneran aya ronda. Tapi teu dipalire da hayang langsung nepi imah. Nepi ka imah uing langsung lapor ka kolot bari haruhah-harehoh:
 "Pa, di jalan aya mayit!" 

Keur kitu tatangga anu tadi di pos ronda tayohna nyarusul ka imah panasaran hayang nyaho kunaon uing lumpat siga nu sieun cenah. Beres dicaritaan aya mayit, atuh kabeh ribut pabeja-beja. Ahirna ampir kabeh urang lembur kaluar. Terus sapuk kabeh rek ngecek beja ti uing. Gancang carita urang lembur ngabring ka TKP. Ngan teu dinyana, nu ngagoler tadi teh euweuh! panasaran disenter ku batre oge tetep euweuh..atuh uing rada rungah ringeuh bari hate ratug ku era.

Pas keur ribut kitu, barakatak teh luhureun tangkal aya anu ngabarakatak bari ngomong: 
"Rek naon siah kadarieu hayang dihakan ku aing?" 

Atuh gebeg kabeh ngarenjag, uing sorangan repleks langsung ngagorowok: 
"Juriiiggg!!"
Atuh kabeh siga dikomando birat lumpat sakalumpat-lampet. Nepi ka pos ronda areureun, da aya kolot nu rada diandelkeun di dinya. Saeunggeus gunem catur sakeudeung ahirna riungan teh balik deui rek mastikeun naon cenah nu tadi. Uuing mah balik weh da soak.

Isukna aya beja yen anu peuting teh lain jurig atawa mayit tapi nu gelo cenah. Atuh uing teh jadi era ku warga salembur!

* Carita kintunan Foel Khan Swazeneger (Ujang Seagel) - Baraya Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.