Header Ads

Breaking News
recent

Putus Cinta di Bulan Puasa

Kuring mah teu ngarti ku pamikiran awewe jaman ayeuna. Inget keneh kajadiana harita basa bulan puasa taun kamari tanggal 17 Agustus 2012....

Kacaritekeun kuring boga kabogoh baheula di kampus, kabeneran kuring sakelas jeung manehna. Harita manehna keur KKN di hiji desa. Kuring isuk-isuk indit ti imah niat rek ngalongok manehna. Sanggeus nepi, di ditu kuring ngajenghok. Da teu gugur teu angin, manehna jol ngomong kieu ka kuring: 
"Aa, Neng teu tiasa mertahankeun hubungan urang. Aa bageur teuing ka Eneng"

Kuring mikir, naha kuring teh kudu jahat kitu ka manehna? Singhoreng manehna we meureun hayang menta putus bari euweuh alesan nu asup akal. Akhirna sanggeus ngobrol panjang lebar, kuring jeung manehna saklek mutuskeun papisah. Tapi harita aya hiji omongan nu nepi ka ayena ku kuring masih dipikiran, manehna ngomong kieu: "Mugia Aa tiasa narimakeun kaputusan, Neng. Sing percanten A upami jodoh mah engke urang bakal pependak deui". 

Harita kuring teu loba ngomong. Langsung balik bari koleng mikiran jeung kukulutus na hate: 
"Pan aing jeung maneh teh sakelas jadol! Isuk pageto ge mun aya mata kuliah Ekonomi Makro pasti papanggih!" 

Asa belegug pisan jadi jelema teh, make nyebut: mun jodoh pasti papanggih deui. Geus lieur awewe jaman ayeuna mah. Rupa-rupa we alesanna mun hayang putus teh. Atuh balik ka imah teh batur mah naekkeun bandera 17 Agustusan, kuring mah naekkeun bandera satengah tiang bari kuring nu jadi banderana alias galaudotcom.

* Carita kintunan Riki Iskandar - Baraya Banyolan Sunda














Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.