Header Ads

Breaking News
recent

Kukumpul Buah

Baheula keur jaman SMP Kelas II. Keur unyu-unyu na. Mun bulan puasa teh beres ti saur, kuring ijin ka indung rek solat subuh di mesjid. Tah ti dinya teh lain ka mesjid mawa sarung, tapi ulin ka komplek. Ngadon ngala buah jeung barudak saentragan. Niatna mah keur ngabuburit engke. Kuring mawa sarung teh lain dipake keur solat tapi rek dipake ngawadahan buah tea. 

Beres ti dinya, buah teh dikumpulkeun di saung tengah sawah. Balik we kuring teh, da sakola isuk-isuk. Beres ti sakola, kuring tara kamana-mana. Langsung mulang ka imah. Nepi ka imah, kira-kira jam tiluan, kuring mulai ngabuburit caritana mah. Tapi mengkol jeung barudak ka sawah. Ka sawah teh ngadon ngalongok buah meunang subuh tea. Tah tuluy eta buah teh dirujak. Ari samarana mah saayana tea. Beres ti dinya kuring ulin deui nepi adan magrib. Pas ngong adan magrib, tuluy mulang api-api atoh buka puasa. Nginum ciherang tuluy ngeduk sangu. Tapi geuning angger we kapanggih ku kolot, da singhoreng sesa buah nyelap na huntu!

*Carita kintunan Khusnul Kusnandar - Baraya Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.