Header Ads

Breaking News
recent

Lodong Si Jagur

Harita mah lamun maleman takbiran teh resep tara kumpul-kumpul teu puguh. ngariung we di masjid bari ngadulag.Harita oge kuring kitu, ti beurang keneh geus nyieun panakol tina dahan tangkal kopi, sakalian teu poho menta pangnyieunkeun kohkol ka lanceuk anu keur nyieun bedil lodong.

Peutingna, sakabeh properti nu disiapkeun tibeurang keneh teh teu kapake, sabab di masjid bedug di dominasi ku Mang Entoh anu lamun ngadulag tara beunang direwong jeung kuat jam-jamantah ngadulagna teh. Ngalelentuk nungguan hayang ngadulag weleh teu kabagean. Akhirna kuring balik bari mawa ka keuheul. Pas ngaliwat ka buruan kasampak aya bedil lodong tina gombong kumplit jeung karbitna. Teu loba pikir eta lodong dipanggul ka tepas masjid tempat anu ngadulag.. susulumputan sangkan euwuh nu nyahoeun..terus dieusian cai jeung karbit sagede peureup orok..nungguan bari culang-cileung.

Kira-kira 5 menit eta bedil lodong anu geus ditanggohkeun kanu keur ngadulag disundut make Obor... Jeelllleeeggurr sorana handaruan maklum sorana asup kabeh kana rohangan masjid. Atuh kabeh pangeusi masjid patingburisat lalumpatan disangkana gerdu listrik nu deukeut masjid ngabeledug. Kuring lumpat ka imah bari seuseurian bakat ku bungah bisa nyacapkeun ka keuheul.

* Carita kintunan: Komandan Hansip Rancabanyol - Baraya Banyolan Sunda.




Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.