Header Ads

Breaking News
recent

Diajak Ngojay ku Lauk Emas

Ieu pangalaman kuring pas keur nincak SD, awak sagede siki korek keneh. Harita teh 10 poe akhir Romadon, nya usum-usum na I'tikaf. Ari ngaran-ngaran budak pasti deui we kana ubrang-abring mah resep peutingna kuring jeung barudak marondok di masigit. Nya ngaran-ngaran bolon da lain na ibadah, kalahkah cicirihilan teu sare nepi ka saurnakeun.
Beurangna, sakitar jam dua beurang, keur meujeuhna panas ereng-erengan, barudak geus ubrang-abring ngajak nguseup, bari can sare-sare acan ti tas i'tikaf teh komo deui mandi mah. Bring weh ka ranca, ku sabab barudak euweuh nu boga balong ari jeujeur jeung eupan geus marawa, nya kapaksa neang balong nu laukna baradag. Kabeneran harita nu diincer-incer teh balong Mang Nana, laukna emas na sagarede orok.
Prak weh milihan tempat iuh, kabagian kuring di tempat nu kapanasan da ukur di payungan daun taleus.... Lung! Ngalung eupan, jarongjon weh ngadaragoan eupan disantok. Ngaran-ngaran tas begadang bari kapanasan, ka angin-angin... Lenggut-lenggut weh nundutan. Na da teu inget nanaon harita teh jol digorowakan ku barudak: "Nyanggut taaah!!!" Nu nundutan lelenggutan tea reuwas ngadenge nu garowok mah. Ari singhoreng eupan kuring nu disangut ku lauk teh. Sabat metot jeujeur da bari satengah sadar tea, gejebur teh kalahkah kuring nu k gusur lauk. Jaba eta balong jerona aya kurang leuwih sameter satengah mah.
Ti harita kuring teu daek deui nguseupan balong batur, komo bari tunduh. Hikmahna tina eta kajadian: kudu sare mun waktuna, kudu mandi geuwat-geuwat saacan dimandian lauk. Mending ngecrik balong batur daripada diuseupan mah. Kitu meureun.

*Carita kintunan Abdillah Hanifan - Baraya Banyolan Sunda 

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.