Header Ads

Breaking News
recent

Nu Noong Tina Kaca Nako Kamar Cai

Harita kira-kira keur sakola SD-an unggal dihudangken janari kuring sok hararese titah nyaring teh. Atuh da jam tilu mah keur meujeuhna tibra ngeunah sare. Tah, teuing puasa kasabaraha, harita mah meni hoream pisan hudang teh. Geus sababaraha kali pun bapa ngagedoran panto kamar, ahirna uing maksakeun ngorejat hudang bari lulungu. Panon semu cepel keneh. Leos kuring ka kamar cai rek sibeungeut. Ari kamar cai teh aya jandela nakoan katempo teras jeung buruan.

Sabat sibeungeut.... ret kuring tanggah nempo kana nako. Gebeg! Reuwas.. tuda eta aya nu noong di luar tina nako. Kumaha weh jiga jurig, bodas ngan palebah beungeutna ngabelegbeg hideung. Teu antaparah deui, kuring ngaberetek lumpat ti kamar cai. Tibabaradug, malahan tarang oge tijedug kana lomari. Tapi boro-boro karasa nyeri, soak weh nu aya. Ditoong jurig.. lain pikiraneun! Sawan nu aya. Awak noroktok. Ah, teuing pedah uing lulungu jadi titingalian teu pararuguh meureun. Ngan sainget uing mah jelas katempona jiga kitu. 

*Carita kintunan Ang Desta - Baraya Banyolan Sunda 















Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.