Header Ads

Breaking News
recent

Kueh Tart Hideung

Nepi ka kiwari, kajadian ieu moal bisa dipopohokeun. Nyaan da mun inget deui teh nya murel beuteung nya hayang seuri. Kajadianna basa kuring nincak kelas 1 SMP. Keur meumeujeuhna ABG ceuk sebutan jaman ayeuna mah. 

Caritana, tiap sore bari ngabuburit, beres Ashar kuring jeung babaturan sok patingalabring laleumpang mapay-mapay sisi jalan raya. Ngabuburit cara kitu teh geus biasa harita mah keur pamuda-pamudi ti unggal lembur. Marukan mah nungguan buka bari cuci mata cenah. Waktu keur jarongjon leumpang bari upleuk ngarobrol, pas belokan Jalan Sajong, ujug-ujug manggihan kardus Indomie nu diiket tali rafia ngagoler sisi jalan. Sakedapan kuring saparakanca ngarandeg bari silihtanya: 
 "Kardus naon? Kardus naon, euy? Kardus oleh-oleh nu Jakartaan meureun nya? Murag meureun tina bagasi beus!" ceuk babaturan dalit kuring nu ngaranna Esih. 

Memang harita teh puasana geus deukeut kana lebaran. Nu marudik ti pangumbaraan mulai murudul daratangan. Tah, salah sahiji kabiasaan urang lembur mah, babawaan teh sok diarasupkeun kana jero kardus. Boh urut Indomie, atawa boh urut naon. 

"Buka wae kitu? Urang tingali eusina. Sugan wae kadaharan ke cuang bagikeun. Lumayan jang buka puasa," batur kuring sejenna nu ngaranna Mintarsih mairan. 

Sapuk weh harita mah kardus teh rek dibuka tuluy eusina rek dibagikeun. Naaa, ari dibuka teh, kuring saparakanca tingjarerit birat lalumpatan. Ngajarauhan sakadang kardus nu geus dibuka bari patingarohek. Hayang apal naon eusina? Timunding! Arapal kan kumaha bentukna? Bari jeung aya kertas tulisan: "Selamat menikmati" di luhurna teh. Edas, aya ku jail jeung niat pisan tah mangkeluk nu nyieunna. Rarajeunan ngasupkeun nu kararitu kana jero kardus demi ngajebak ngaheureuyan batur! Kabina-bina...

*Carita kintunan Ceuceu Isma Hartanto - Baraya Banyolan Sunda 




Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.