Header Ads

Breaking News
recent

Jam 4?

Kajadian ieu basa kuring keur lelengohan keneh (ayeuna ge lelengohan keneh ketang) kira-kira taun 1998, jaman keur buburuh di Jakarta. Harita kuring kos didaerah Kapuk, kamar kos di lantai 2, kamar jiga kandang japati, 2x3.dipidingan ku triplek sekat antara kamar kos bari loba nu barolong urut noong. 

Peuting harita basa pertengahan bulan puasa saprak balik taraweh goledag kuring sare da sieun kabeurangan, sare jiga nu pingsan da beurangna digawe alahbatan dijajah Jepang. Kuniang kuring hudang, ngareret jam karek jam 4.00. Hhoream turun kuring masak emih make teko elektrik tea. Keur anteng dahar emih, panto aya nu ngetrok bari ngajorowok:
"Kung ! hayu berangkat!" 
Kuring nembalan "Berangkat kamana?"
"Gawe atuh bel! Geus jam 7 yeuh!" 

Gebeg! tibuburanjat kuring hudang bari muka panto, baham mah bari nyapek keneh emih. Ari pas bray eta panto muka, ngan koceak kuring ngagorowok. "Haaaaaah? Geus beurang geuning!" 
Emih rek diburakeun karunya maenya diburakeun kana beungeut babaturan mah? Kagok diteureuy we. Sihoreng jam di kamar teh modar geuningan!

* Carita kintunan: Dedi Sobari 'Akung' - Baraya Banyolan Sunda


Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.