Da Keur Teu Puasa!

Nepi kosan, kurang leuwih jam genep kurang saparapat. Pas liwat kamar babaturan sakosan nu ngaranna Agung katingal keur muter-muter gelombang radio, neangan siaran adan maghrib bari nyinghareupan sangu padang. Ceuk kuring teh nawaran "Gung, hayang cilok?"
Manehna nanya "Geus buka geuning?". Dijawab ku kuring bari ngaleos ka kamar "Enggeus". Eta mah teu antaparah jol habek-habek weh kana sangu padang. Kira-kira sangu padang satengah deui, kadenge sora adzan Maghrib. Naaa eta mah.... si Agung langsung ngajorowok ngagedor-gedor kamar majar kuring nipu.. Teu kuat kuring ngabarakatak bari ngomong:
"Didinya nanya na geus buka can? Nya dijawab enggeus we.... da urang mah keur teu puasa yey. Coba mun nanya na geus adan Maghrib!"
** Carita kintunan Nyi Iroh - Baraya Banyolan Sunda
Tidak ada komentar: