Header Ads

Breaking News
recent

Liwet Amis

Basa jaman keur SMP, kuring mah sok milu ngaji pasaran. Waktuna ti beres taraweh nepi ka jam 2 janari. Dina hiji mangsa, kuring tiluan jeung babaturan ngaji kabagean pancen masak keur janari. Samemeh ngaji ge da geus disiapkeun kabeh teh. Jadi, pas beres ngaji teu bancangpakewuh luncad- lincid balanja. 

Tapi nya ari ngarana jalma mah pasti aya poho na nyaeta uyahna tinggaleun teu kabeuli. Ah da teu jadi matak hariwang, ari euweuh uyah mah pasti aya di dapur kobong santri awewe. Biasa ari nu ngora mah bagean dititahan. Pas keur masak liwet si Mang Aen mah sok ngahaja dipurulukan ku uyah. Nitah ka kuring pangnyiarkeun uyah, nya gidig weh ka dapur awewe kakaratak dinu poek. Biasana mah sok nyimpenna teh handapeun kompor. Kabeneran manggih tah nu bungkus na jiga uyah. Tuluy dicokot terus dibikeun ka Mang Aen. Eta nu jiga uyah teh teu ditempo heula langsung dipurulukkeun kana liwet, digalokeun ditungguan nepi kaasak. 

Pas dicobaan...geuning liwetna naha amis? Keur karerung pok weh Mang Badru ngomong: 
"Nya pantes weh rek teu amis da ieu mah lain uyah atuh ieu mah gula sitrun!"

Kuring tiluan sareuri bari bìngung mikiran kumaha cara liwet nu amis eta sangkan teu kapiceun. Tuda rek nyieun deuì ge, moal kaburu geus samporet ka waktu imsak.
"Geus weh ayeuna mah kieu. Ieu liwet urang idangkeun keur barudak. Tah, urang tiluan urang dahar dì warung Ceu Popon. Pokona mah ulah waka nembongkeun beungeut samemeh adan subuh mah!" ceuk Mang Badru bari jeung harewos bojong. Singket carita, kuring indit tiluan, tuluy datang deui geus adan subuh. Karek ge lol... langsung diwayohan ku barudak bari patingkecewis kukulutus. Tapi alhamdulillah, liwetna mah beak oge. Nya kadituna mah, jadi bahan gogonjakan liwet amis teh mun aya acara ngaliwet deui teh.

* Carita kintunan Ali Riyadi - Baraya Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.