Header Ads

Breaking News
recent

Murag Tina Tangkal Kalapa

Puasa poe ka-4, pamajikan nitah ngala dawegan di tangkal kalapa tukangeun imah. Eta tangkal kalapa luhurna aya kana sapuluh meteran.Tara ditalangkekeun deui, da parentah KAPOLDA, Belenyeng ka tukangeun imah. 

Bismillah gerentes hate teh deuk ngamimitian naek sangkan salamet. Terekel-terekel jangkungna tangkal kalapa mani saketap ditejehan. Nepi ka luhur, reureuh heula sakeudeung bari nyirian mana dawegan anu kudu diala, milihan anu ngora. Anu deukeut suku ditejehan "krek...........blug..." sora kalapa murag. Anu rada jauh mah muntang we kana palepah dahan kalapa. 

Suku nejehan kalapa tapi kalapa teu daekeun wae murag. Keur nejehan kitu tangkal kalapa anu dicepengan teh peungas anu antukna ngakibatkeun kuring leupas cecekelan:
"Awwwwwwwww............tul.........lu......ngggg!" 

Kuriang ngoleang bari ngagorowok menta tulung. 

"Pa.......bapa....aya naon tulung-tulungan anggur mah geura buka tuh dawegan geus disadiakeun" Ceuk pamajikan bari ngaguyah-guyah kuring di tempat sare. 

"Alhamulillah salamet," gerentes hate bari tuluy ngaregot cidawegan.

* Carita kintunan: Lurah Rancabanyol - Baraya Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.