Header Ads

Breaking News
recent

Tragedi Bedil Lodong

Ieu mah kajadian keur uing geus rada gede. Saminggu deui ka lebaran harita teh. Meujeuhna rame bedil lodong (bedil karbit). Sarua uing ge ulin bedil lodong, Ngahaja nyieun tina awi gombong anu badag Nya harita kira wanci haneut moyan.  Kuring jeung genk blekok samidin geus nyunutan bedil karbit: Beledug.. bledug geuurr surak engklak-engklakan.

Ku lantaran bosen, nya harita kuring inisiatif. Si bedil lodong congona diasupan "pelor". Mimiti tina taneuh garing nu ngaguruntul.. Bledag! Cleng taneuhna ngacleng…geeerr surak! Terus make pentil kacapi… bleduuug ! Ngacleng leuwih jauh. Make manggu atah, jambu kulutuk, tepi ka congo lodongna ditutupan batok. Ngan hanjakal, harita teu manggih kaweni siga nu Mang Bunhaw. Bleduug! Cleengg … geer surak deui bari engklak-engklakan. Bungah nempo pelor meriam karbit maracleng jauh.

Tahh… Lila kulila, bahan pelor beak. Kulantaran culang cileung neangan jang pi peloreun geus euweuh,
Sedengkeun ulin keur meujeuhna resep. Kapaksa kreativitas uink diuji deui. Kareret ku uing aya entog manila keur lolodok jeung anak-anakna. Anakna ku kuring ditewak hiji. Terus diasupkeun kana congo lodong. Ngahaja sina nolol ameh teu nyeplos ka jero, diganjel ku kararas.

Bleduuugg kuik..kuik…! Anak entog ngalayang lir ibarat rudal Skud Irak nu harita keur rame diberitakeun dina Dunia Dalam Berita. Kalayang… beletuk eta peluru anak entog neungar tangkal kalapa. Gubrag murag kana taneuh. Galeong-galeong.. hos weh paeh! Kuring jeung nu lain reuwas. Buriak bubar patingbalecir bari ngaringkid lodong dibawa ka saung di kebon batur kuring.
 
Geus reureuh kareuwas.. kalacat si Acil ( anggota genk nu kabagean peran pelengkap penderita) nerekel kana tangkal kalapa, ngala dawegan keur piorsoneun. Tapi aman ayeuna mah. Da ti kajadian orson lada tea, uing geus tara manggih cengek deui. Ngan pernah sakali ketang ngasupan uyah saparapat gandu. Biasa bagean si Acil nu kabagean nginumna. Aciilll-acilll, geus boga budak dua ayeunamah tah jelema teh. Hampura kuring keur leutik loba deleka.

*Carita kintunan Tatanx Phetot - Baraya Banyolan Sunda


Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.