Header Ads

Breaking News
recent

Orson Buatan

Baheula jaman keur leutik boga sobat dalit opatan, nya...limaan jeung kuring. Harita boga genk anu kompak kacida. Leuwih kompak batan Cherrybell. Kabiasaan jaman harita, kuring jeung genk, sok ngabeubeurang ka kebon. Ka kebon teh ngadon ngala dawegan terus diasupan permen nu warna–warni. Nyieun orson minangkana mah.

Ari permenna aya nu rasa jeruk, strowbery jeung rea-reana deui, Es bonbon disebutna harita mah. Ari diinumna pas buka puasa. Rasana seger…maknyos! Rada nyereng saeutik!  Tah carana si dawegan diliangan saeutik luhurna, saasupeun permen tea. Terus permenna diasup-asupkeun. Beres diasupan, liangna dicocokan deui ku tapasna. Geus kitu mah, antep weh tepi ka bedug magrib.

Eta dawegan biasana sok diteundeun heula di kobong sobat kuring. Tepi ka waktuna buka. Kuring jeung batur ulin tea geus biasa sok buka di kobong. Sabab geus ilaharna di kampung kuring.. ti wanci asar nepi ka magrib ngabuburitna nyorogan jurumiah jeung safinah.

Hiji mangsa. kuring jeung genk blekok samidin (ngaran genk kuring ) saperti biasa ngaramu deui dawegan. Beres diasupan es bonbon, dawegan dijajarkeun di juru kobong, bral kuring sabalad-balad ka masjid rek solat lohor.

Tah.. pas kuring rek kaluar pisan ti kobong (kabeneran kuring pangpandeurina), kareret na luhureun kastrol aya cengek beureum sabungkus jeung sambeleun sejenna. Biasa, sasadiaan keur ngaliwet engke janari tayohna mah. Dadak sakalaa…Tring! tring! ideu jail kuring ngadadak datang. Rikat ku kuring eta cengek nu bareureum dicokot, aya meureun 20 siki mah. Eta cengek dipotong terus diasupkeun kana dawegan nu pangsisina. Leos weh kuring nyusul barudak bari cungar-cengir ngabayangkeun engke kajadianna.

Gancangna carita, detik-detik terakhir ka waktuna buka, kuring saparakanca geus ngariung dikobong nyanghareupan dawegan sewang-sewangan. Geus siap disedot make sedotan. Dawegan spesial nu tadi pangsisina kabeneran dicokot ku sobat kuring nu pangleutikna (geus meunang ngatur ieu ge). Kabeneran pisan manehna biasa sok kabagean peran pelengkap penderita.

Dur bedug… kompak sarerea:
“Alhamdulillaaaaahhh….. “
“Allahuma laka shumtu wabika amantu wa ‘ala rizqika aftartu birahmatika ya arhama rohimin.”

Regooooot... kuring saparakanca sumanget ngaregot cai dawegana sewang-sewangan.
Ujug-ujug:
“Edaaaannnnn siaaahhh laaddaaaaaa!“
Ceuk babaturan kuring bari burial buncelik…jeung letah suhah lata-lata. Beungeutna beureum. Biwir ngageter

Isukna manehna teu bisa puasa da muncrut. Haduuuhhh…… kuring ngarasa dosa. Tah ti harita kuring kapok tara ngasupan deui cengek kana dawegan. Tapi diganti ku ngasupan posprit atawa tikotok medok! Hehehe…

*Carita kintunan Tatanx Phetot - Baraya Banyolan Sunda

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.