Header Ads

Breaking News
recent

Kekemu

Hiji mangsa dina bulan puasa.. Harita teh kabeneran kuring keur wudhu di masigit rek sholat lohor. Wudhu teh pagigir-gigir jeung Bah Karta. Palebah kekemu, kareret ku kuring sidik si Abah teh kekemuna 3 kali tapi nu diburakeun ngan 2 kali.. Rengse wudhu, deuk asup ka masigit, kuring panasaran nanya ka Bah Jarta. 
Kuring: "Bah, tadi keur wudhu kekemu teh 3 kali tapi nu diburakeun ngan 2 kali. Nu sakali kamana tah Bah?" 
Bah Karta: Gandeng kehed tong loba carita! Nu sakali mah teu kaburu diburakeun nyarelap na tikoro deuleu."
Kuring: "Beu! Si Abah kalakuan!"

* Carita kintunan: Zame Hawk - Baraya Banyolan Sunda


Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.