Tajil Ku Hileud

Harita teh bulan puasa, kuring jeung babaturan ngadagoan adan magrib. Arulin ucing sumput. Di lembur kuring baheula imah teh loba keneh kebon, jadi loba payumputan. Harita nu bagean ucing babaturan, kuring kabagean nyumput. Neangan payumputan teh nu bener-bener buni da puguh sieun kapanggih. Di kebon tukangeun imah aya rungkun (teuing tangkal nanahaon) nyumput teh di dinya, bari nyumput jongjon ngegelan tungtung sarung, dipapay dikuriling bari ditikel tikel, teu kungsi lila ngong teh adan magrib. Pas pisan jeung adzan magrib kuring ngarasa aneh sabab sisi sarung nu digegelan teh karasa amis. Kulantaran ngarasa geus magrib eta nu karasa amis teh lain diutahkeun tapi terus diteleg. Malah tungtung sarung teh terus we diletakan bari lumpat ka imah rek buka.
Datang ka imah leguk nginum, am dahar kolek. Ras ka nu amis na sarung tea, pangangguran diteang. Barang breh, gebeg teh... angen murel, malah terus ngaborolo utah. Teu rek kitu kumaha atuda dinu tungtung sarung nu baseuh balas ku digegelan teh aya hileud mani geus pejet. Tinggal bulu jeung kulitna hungkul. Gustiiii..... sihoreng titadi kuring teh nyedotan sari hileud. Meunang sababaraha poe mah teu daek barang dahar da kabayang bayang wae eta sakadang hileud. Ti harita, najis tralala mun ningali hileud teh.
Tidak ada komentar: